Sabtu, 07 April 2012

JOL

Anjeun teh lain raja, lain dewata
 Lain raga nu kuduna dipikaasih pikacinta
Tapi naha hate bet teu bisa ingkah tinu teuteupan panon anjeun?
Asa pageuh kacangreud ku amisna madu katresna.

Unggal poe,
Torojol anjeun ngaliwat dina implengan
Jol asup dina impian
Tapi nu geus kaalaman mah sugan moal deui kaalaman.

Unggal poe,
Nu digigir mah nyengir alabatan meunang emas sapeti
Seuri nyakakak  alabatan meunang inten sakotak
Tapi sugan lain eta nu dipiharep kuring.

Nu jauh, nu neuteup anteb dina hate
Nu jauh, nu piligenti muka lawang hate
Nu jauh, nu dipikasono unggal poe
Nu can tangtu moal bisa maneuh dina hate.

"Workshop Bahasa & Sastra Sunda"
@sally_esage

- ESAGE -

2 komentar:

  1. sigana kojona anu ieu nya, hehehe

    BalasHapus
  2. sanes... hahaha... pedah we nu di kenal na "teteh Jol" sanes sally. jadi we di posting :D

    BalasHapus